Feeds RSS
SEMOGA BERMANFAAT :)
Tampilkan postingan dengan label SUNDA. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label SUNDA. Tampilkan semua postingan

Rabu, 28 Mei 2014

Babad


Sampurasun sadayana J
Ayeuna simkuring badé nyarita hiji babad. Babad téh mangrupa carita wanda heubeul anu medar riwayat luluhur atawa kajadian-kajadian penting jaman baheula di salasahiji daérah, biasana ti mimiti ngabedah éta wewengkon. Nilik kana eusina, babad téh deukeut-deukeut kana sajarah.
Wilujeung maca contoh babad di handap ieu.

KAMPUNG PULO
            Kampung téh nyaéta kumpulan sawatara imah di pasisian. Geuning aya paribasa ‘Urang kampung bau lisung’ nu hartina pamoyokan ka urang pasisian nu dusun atawa ngampung. Lian ti éta harti kampung téh nyaéta sabagian wilayah désa, nu pangeusina boga tingkah laku kawas urang kampung anu aya di pasisian.
            Kampung Pulo nyaéta ngaran hiji kampung atawa tempat anu aya di Désa Cangkuang, Kecamatan Lélés, Kabupatén Garut. Disebut Kampung Pulo kusabab éta kampung téh deukeut ka situ, nu nepi ka ayeuna nelah Situ Cangkuang. Malah di tempat éta gé aya candi, nyaéta Candi Cangkuang.

Kecap Pangantét & Kecap Panganteur

Sampurasun sadayana J
Ayeuna simkuring badé ngajeulaskeun saalit, tentang Kecap Pangantét sareng Kecap Panganteur.

Kecap Pangantét
Kecap Pangantét mangrupa kecap anu pancénna pikeun ngantétkeun caritaan kana katerangan, biasana aya saméméh kecap barang. Contona: di, dina, ka, kana, ti, tina, gigireun, hareupeun, di tukangeun, jsté.
Gabungan kecap Pangantét jeung kecap barang ngawangun gundukan kecap (frasa) pangantét, anu biasana nyicingan fungsi katerangan (Kat). Contona:

Téh Rani
aya
Di Cianjur
J
C
Kat

            Dina basa Sunda aya rupa-rupa kecap pangantét. Dipakéna kecap pangantét gumantung hartina. Geura pék tengetan di handap ieu!
1.  di         nuduhkeun harti ‘tempat cicing’
2.  dina     nuduhkeun harti ‘tempat ayana’
3.  ka        nuduhkeun harti ‘tujuan, arah’
4.  kana    nuduhkeun harti ‘tampat, alat’
5.  ti          nuduhkeun harti ‘asal, tempat asal’
6.  tina      nuduhkeun harti ‘asal, bahan’
7. keur     nuduhkeun harti ‘guna, tujuan’
8.  pikeun  nuduhkeun harti ‘guna, tujuan’
9.  di luhureun nuduhkeun harti ‘ tempat ayana’
10. kanggo nuduhkeun harti ‘tujuan’
11.  ku        nuduhkeun harti ‘alat, palaku’


Kecap Panganteur
          
  Kecap panganteur mangrupa bagian tina kecap panambah anu gunana paranti nganteurkeun kecap pagawéan sangkan leuwih écés tur anteb, biasana ngandung harti ‘mimiti kagiatan (inkoatif)’. Contona: jung jeung léos dina kalimah:
1)     Manéhna teh jung nagtung, leos indit.
Cicingna kecap panganteur téh bisa saméméh kecap pagawéan saperti conto 1) di luhur, bisa di awal kalimah saméméh kecap barang nujadi jejer nu dituturkeun ku kecap pagawéan caritaan. Jeung bisa ngaganti kecap pagawéan nu sok dianteurkeunana. Contona:
2)   Berebet budak téh lumpat.
3)  Ngan kereles wae manéhna téh.


Ngan sakitu nu tiasa ku simkuring jéntrékeun, mugia aya mangpaatna J


Sumber: SIGAP SUNDA (VII)

KAWIH


   Aya nu boga anggapan yén kawih téh asalna tina kecap kawi, aya patalina jeunh kakawén, anu ilahar di haleuangkeun ku dalang. Di Sunda mah kawih téh mangrupa lagu nu dihaleuangkeun ku sindén.
          
  Rumpaka kawih téh kagolong kana wangun ugeran atawa puisi sabangsa dangding anu teu maké patokan pupuh. Saenyana kawih téh lagu kawih, tapi duanana populér lagu atawa kawih. Dina sastra Sunda aya kawih aya kakawihan, nyaéta sabangsa kawih atawa lagu anu sok dihariringkeun ku barudak bari ulin. Ku kituna, kakawihan sok disebut ogé kawih murangkalih. Anu dihaleuangkeun ku sinden dina waktu pageularan wayang ogé kaasup kawih. Kitu deui, anu dihaleuagkeun dina pagelaran degung disebut ogé kawih.
Ieu dihandap aya rumpaka kawih J

MOJANG PRIANGAN
Iyar Wiarsih

Kamis, 27 Maret 2014

Asal Muasal Cika-cika




Asal Muasal Cika-Cika


Jaman baheula – baheula ge baheula deui – aya hiji lembur anu gegek jiwana. Pengeusi eta lembur, meh kabeh jelema carukup. Demi pangupajiwana kana karajinan ngabatik.
Kacaritakeun di eta lembur aya hiji randa boga anak awewe ngaran Marini. Nyi Marini ku indungna pohara diasihna, lantaran rajin jeung suhud ngabantuan pagawean indungna. Pagawean di dapur jeung di imah kabeh ditangkes ku manehna. Malah kalan-kalan Nyi Marini sok ngabantuan indungna ngabatik.
Dina hiji poe indungna meunang ondangan ti tatanggana nu rek ngawinkeun anakna awewe. Nyi Marini ku indungna meunang milu ka ondangan. Manehna kacida atoheunana, lantaran bakal make baju alus jeung make samping weuteuh, meunang ngabatik indungna. Tapi aya kasusahna, lantaran manehna teu bogaeun cucuk gelung.
Sapeupeuting, henteu boga cucuk geulung keur pakeeun isuk ka ondangan teh, jadi pikiran Nyi Marini. Manehna diuk hareupeun jandela, bari neuteup bentang-bentang nu tingkaretip di langit.
Di jero hatena manehna ngecewis, “mana teuing senangna mun aing boga bentang pikeun cucuk gelung” karek oge mikir kitu, ujug-ujug aya nu ngempur cahyaan rag rag kana lahunanana. Nyi Marini kageteun pisan, turug-turug kadenge ku manehna aya sora tan katingalan “Marini, ieu bentang nu dipakayang ku maneh pikeun cucuk geulung tea. Heug geura pake isuk kana pesta kawinan batur maneh, lantaran teu meunang budak rajin jeung hade ka indung. Tapi maneh teu meunang ngomong sombong. Mun maneh ngomong sombong atawa boga pikiran sombong, ie bentang baris leungit teu puguh-puguh”
Nyi Marini kacida atoheunana, dina hatena jangji, yen moal boga pikiran jeung ngomong sombong.
Isukna, Marini make cucuk geulung bentang tea. Manehnas katenjona geulis pisan sarta cahyaan. Kabeh nu aya di dinya ngarasa heran. Nyi Marini leuwih diperhatikeun ku sarerea ti batan panganten. Babaturanana kabeh muji kageulisanana. Ku lantaran kitu, manehna mikir, “kacida senangna dipuji-puji ku babaturan, ngan aing sorangan anu panggeulisna lantaran make cucuk geulung bentang, “karek oge mikir kitu, cucuk geulung bentang teh ujug-ujug leungit”
“Ih Marini geuning leungit cucuk geulung maneh teh” ceuk salahsaurang baturna. Marini kageteun pisan, manehna kakara ingeteun yen manehna boga pikiran sombong. Pohara manehna hanjakaleunana.
Kabeh jelema nu aya dina eta pesta mangneangankeun cucuk geulung nu leungit tea, nepi ka pakean-pakeanana kalotor, tapi nu leungit weleh teu kapanggih. Ningal kitu, Nyi Marini pohara karunyaeunana ka maranehanana. Di jero hatena manehna jangji, nu manggihkeun baris dipersen, itung-itung mulang tarima.
“Ieu marini, cucuk geulung maneh tek kapanggih” ceuk salasaurang baturna. Nyi Marini atoheunana. Tuluy manehna nyalukan batur-baturna. Ku manehna dicaritakeun asal usulna eta cucuk geulung bentang teh. Satuluyna manehna nyarita kieu, “Ayeuna kuring embung make cucuk geulung bentang sosoranganan, tapi rek dibagikeun ambeh dipake ku sarerea babarengan”
Sanggeus ngomong kitu, tuluy eta cucuk geulung bentang teh dibantingkeun nepi ka remuk. Tuluy eta reremukan teh haliber, jadi nu ayeuna disebut Cika-cika, cenah!