Sampurasun sadayana J
Ayeuna simkuring badé
ngajeulaskeun saalit, tentang Kecap Pangantét sareng Kecap Panganteur.
Kecap
Pangantét
Kecap Pangantét mangrupa kecap anu
pancénna pikeun ngantétkeun caritaan kana katerangan, biasana aya saméméh kecap
barang. Contona: di, dina, ka, kana, ti,
tina, gigireun, hareupeun, di tukangeun, jsté.
Gabungan kecap Pangantét jeung kecap
barang ngawangun gundukan kecap (frasa) pangantét, anu biasana nyicingan fungsi
katerangan (Kat). Contona:
Téh Rani
|
aya
|
Di Cianjur
|
J
|
C
|
Kat
|
Dina
basa Sunda aya rupa-rupa kecap pangantét. Dipakéna kecap pangantét gumantung
hartina. Geura pék tengetan di handap ieu!
1. di nuduhkeun harti ‘tempat cicing’
2. dina nuduhkeun harti ‘tempat ayana’
3. ka nuduhkeun harti ‘tujuan, arah’
4. kana nuduhkeun harti ‘tampat, alat’
5. ti nuduhkeun harti ‘asal, tempat asal’
6. tina nuduhkeun harti ‘asal, bahan’
7. keur nuduhkeun harti ‘guna, tujuan’
8. pikeun nuduhkeun harti ‘guna, tujuan’
9. di
luhureun nuduhkeun harti ‘ tempat ayana’
10. kanggo nuduhkeun harti ‘tujuan’
11. ku nuduhkeun harti ‘alat, palaku’
Kecap
Panganteur
Kecap panganteur mangrupa bagian tina kecap panambah anu gunana paranti nganteurkeun kecap pagawéan sangkan leuwih écés tur anteb, biasana ngandung harti ‘mimiti kagiatan (inkoatif)’. Contona: jung jeung léos dina kalimah:
1) Manéhna teh jung
nagtung, leos indit.
Cicingna
kecap panganteur téh bisa saméméh kecap pagawéan saperti conto 1) di luhur,
bisa di awal kalimah saméméh kecap barang nujadi jejer nu dituturkeun ku kecap
pagawéan caritaan. Jeung bisa ngaganti kecap pagawéan nu sok dianteurkeunana.
Contona:
2) Berebet budak téh lumpat.
3) Ngan kereles wae
manéhna téh.
Ngan
sakitu nu tiasa ku simkuring jéntrékeun, mugia aya mangpaatna J
2 komentar:
jwbn
jwbn
Posting Komentar