Aya nu boga anggapan yén kawih téh asalna tina kecap kawi, aya patalina jeunh kakawén, anu ilahar di haleuangkeun ku dalang. Di Sunda mah kawih téh mangrupa lagu nu dihaleuangkeun ku sindén.
Rumpaka
kawih téh kagolong kana wangun ugeran atawa puisi sabangsa dangding anu teu maké
patokan pupuh. Saenyana kawih téh lagu kawih, tapi duanana populér lagu atawa
kawih. Dina sastra Sunda aya kawih aya kakawihan, nyaéta sabangsa kawih atawa
lagu anu sok dihariringkeun ku barudak bari ulin. Ku kituna, kakawihan sok
disebut ogé kawih murangkalih. Anu dihaleuangkeun ku sinden dina waktu
pageularan wayang ogé kaasup kawih. Kitu deui, anu dihaleuagkeun dina pagelaran
degung disebut ogé kawih.
Ieu dihandap aya rumpaka kawih J
MOJANG PRIANGAN
Iyar Wiarsih
Angkat ngagandeuang
bangun taya karingrang
nganggo sinjang dilamban,
mojang Priangan
Mun dierok dénok
mun disanggul ayu,
mun di sinjang lenjang,
mojang Priangan.
Diraksukan kabaya,
nambihan cahayana,
dangdosan sederhana,
mojang Priangan.
Umat-imut lucu,
sura-seuri nyari,
larak-lirik keupat,
mojang Priangan.
Mojang ti Priangan,
lucu saé atikan
saé basa sopan,
mojang Priangan.
Sumber: SIGAP SUNDA (VIII)
0 komentar:
Posting Komentar