Sampurasun sadayana J
Ayeuna simkuring badé
nyarita hiji babad. Babad téh mangrupa carita wanda heubeul anu
medar riwayat luluhur atawa kajadian-kajadian penting jaman baheula di
salasahiji daérah,
biasana ti mimiti ngabedah éta wewengkon. Nilik kana eusina,
babad téh
deukeut-deukeut kana sajarah.
Wilujeung maca contoh babad di handap ieu.
KAMPUNG
PULO
Kampung téh nyaéta kumpulan sawatara
imah di pasisian. Geuning aya paribasa ‘Urang kampung bau lisung’ nu hartina
pamoyokan ka urang pasisian nu dusun atawa ngampung. Lian ti éta
harti kampung téh nyaéta sabagian wilayah désa,
nu pangeusina boga tingkah laku kawas urang kampung anu aya di pasisian.
Kampung Pulo nyaéta ngaran hiji kampung atawa tempat
anu aya di Désa Cangkuang, Kecamatan Lélés, Kabupatén Garut. Disebut Kampung
Pulo kusabab éta kampung téh deukeut ka situ, nu nepi ka ayeuna nelah Situ
Cangkuang. Malah di tempat éta gé aya candi, nyaéta Candi Cangkuang.
Masarakat
Kampung Pulo téh ngagem agama Islam. Inohong nu mimiti nyeubarkeun agama Islam
di Kampung Pulo nyaéta Arif Muhammad. Asalna mah utusan ti Mataram anu meunang
pancén ti Sultan Agung pikeun nyerang VOC di Batavia dina abad ka-17. Ku sabab
gagal, waktu mulangna deui kalah bumén-bumén di éta kampung.
Kaayaan
kahirupan sapopoé masarakatna béda tinu séjén. Upamana waé, pangeusi ieu
kampung téh resep pisan jarah ka kuburan para karuhunna nu ku maranéhna
dianggap karamat atawa suci. Sabab anggapan maranéhna mah jarah kubur téh sarua
jeung ibadah ogé. Dina poé Rebo dipahing jarah ka makam karamat Cangkuang.
Ciri
has séjénna, nu ngabéakeun pangeusi Kampung Pulo jeunh urang téh nyaéta jumlah
jiwa dina hiji kaluwarga teu menang leuwih ti genep urang. Lamun leuwih ti
genepan, salasahiji kaluwargana kudu pindah ka tempat séjén, nu teu jauh ka éta
wewengkon. Dina nyieun imah gé béda jeung urang ayeuna, di Kampung Pulo mah
jarang aya imah témbok, ari lain pangeusi kampung nu geus dianggap jauh pisan
ti éta tempat mah.
Nu anéhna deui, di Kampung Pulo mah
dipahing pisan miara sasatoan nu sukuna opat, atawa nabeuh goong. Ari sababna,
lamun hal ieu tetep dilakukeun ku pangeusi éta kampung, bakal dianggap pamali
atawa ngarémpak adat kabiasaan didinya. Balukarna bakal jadi mamala di kampung éta.
Sumber: SIGAP SUNDA (VII)
0 komentar:
Posting Komentar