Asal Muasal Cika-Cika
Jaman
baheula – baheula ge baheula deui – aya hiji lembur anu gegek jiwana. Pengeusi
eta lembur, meh kabeh jelema carukup. Demi pangupajiwana kana karajinan
ngabatik.
Kacaritakeun
di eta lembur aya hiji randa boga anak awewe ngaran Marini. Nyi Marini ku
indungna pohara diasihna, lantaran rajin jeung suhud ngabantuan pagawean
indungna. Pagawean di dapur jeung di imah kabeh ditangkes ku manehna. Malah
kalan-kalan Nyi Marini sok ngabantuan indungna ngabatik.
Dina hiji
poe indungna meunang ondangan ti tatanggana nu rek ngawinkeun anakna awewe. Nyi
Marini ku indungna meunang milu ka ondangan. Manehna kacida atoheunana,
lantaran bakal make baju alus jeung make samping weuteuh, meunang ngabatik
indungna. Tapi aya kasusahna, lantaran manehna teu bogaeun cucuk gelung.
Sapeupeuting,
henteu boga cucuk geulung keur pakeeun isuk ka ondangan teh, jadi pikiran Nyi
Marini. Manehna diuk hareupeun jandela, bari neuteup bentang-bentang nu
tingkaretip di langit.
Di jero
hatena manehna ngecewis, “mana teuing senangna mun aing boga bentang pikeun
cucuk gelung” karek oge mikir kitu, ujug-ujug aya nu ngempur cahyaan rag rag
kana lahunanana. Nyi Marini kageteun pisan, turug-turug kadenge ku manehna aya
sora tan katingalan “Marini, ieu bentang nu dipakayang ku maneh pikeun cucuk
geulung tea. Heug geura pake isuk kana pesta kawinan batur maneh, lantaran teu
meunang budak rajin jeung hade ka indung. Tapi maneh teu meunang ngomong
sombong. Mun maneh ngomong sombong atawa boga pikiran sombong, ie bentang baris
leungit teu puguh-puguh”
Nyi Marini
kacida atoheunana, dina hatena jangji, yen moal boga pikiran jeung ngomong
sombong.
Isukna,
Marini make cucuk geulung bentang tea. Manehnas katenjona geulis pisan sarta
cahyaan. Kabeh nu aya di dinya ngarasa heran. Nyi Marini leuwih diperhatikeun
ku sarerea ti batan panganten. Babaturanana kabeh muji kageulisanana. Ku
lantaran kitu, manehna mikir, “kacida senangna dipuji-puji ku babaturan, ngan
aing sorangan anu panggeulisna lantaran make cucuk geulung bentang, “karek oge
mikir kitu, cucuk geulung bentang teh ujug-ujug leungit”
“Ih Marini
geuning leungit cucuk geulung maneh teh” ceuk salahsaurang baturna. Marini
kageteun pisan, manehna kakara ingeteun yen manehna boga pikiran sombong.
Pohara manehna hanjakaleunana.
Kabeh
jelema nu aya dina eta pesta mangneangankeun cucuk geulung nu leungit tea, nepi
ka pakean-pakeanana kalotor, tapi nu leungit weleh teu kapanggih. Ningal kitu,
Nyi Marini pohara karunyaeunana ka maranehanana. Di jero hatena manehna jangji,
nu manggihkeun baris dipersen, itung-itung mulang tarima.
“Ieu
marini, cucuk geulung maneh tek kapanggih” ceuk salasaurang baturna. Nyi Marini
atoheunana. Tuluy manehna nyalukan batur-baturna. Ku manehna dicaritakeun asal
usulna eta cucuk geulung bentang teh. Satuluyna manehna nyarita kieu, “Ayeuna
kuring embung make cucuk geulung bentang sosoranganan, tapi rek dibagikeun
ambeh dipake ku sarerea babarengan”
Sanggeus
ngomong kitu, tuluy eta cucuk geulung bentang teh dibantingkeun nepi ka remuk.
Tuluy eta reremukan teh haliber, jadi nu ayeuna disebut Cika-cika, cenah!
0 komentar:
Posting Komentar